AUDIO MISYKAT

TATA CARA WUDHU

TATA CARA SHALAT

TATA CARA TAYAMUM

FACEBOOK & WHATSAPP

Fanpage Komunitas Misykat

WhatsApp Group: Kajian Islam

BERBAGI BUKU

Silakan tulis nama, alamat, dan WhatsApp pada KONTAK

BAHAN BACAAN

Milampah Sunda

image

Dina bukuna Sufisme Sunda: Hubungan Islam dan Budaya dalam Masyarakat Sunda (2017) Asép Salahudin nembrakkeun rupaning kabeungharan batin urang Sunda, ti mimiti Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Si Kabayan, Sangkuring nepi ka Haji Hasan Mustapa. Sagala rupa anu aya patalina jeung Sunda katut kasundaanana kayaning suluk, étika, réligiositas, pilsapat, ékologi kitu deui upacara, ku Asép dihanca sarta sabisa-bisa dipertélakeun.  

Sabada réngsé macana, kesan anu pangheulana karasa téh hareneg jeung geregeteun, manahoréng kieu geuning batinna urang Sunda téh. Cék cohagna mah, beunghar pisan. Kudu nguyang naon deui? Sagala geus nyampak. Tinggal prakna. Sanajan saméméhna gé umumna urang geus rada wanoh ka nu ditataan di luhur, tapi ari disanapaskeun ku cara kitu mah, tapakna jadi rada béda.  

Asép Salahudin téh salila ieu kacida inténsipna ngaguar jeung neuleuman nu patalina antara Sunda jeung Islam. Mun urang maca tulisan-tulisanana nu mayeng sumebar dina sababaraha surat kabar karasa pisan kumaha manéhna ngagugat kaayaan kaayeunakeun. Naon anu ditembrakkeunana téh dumasar kana sawanganana anu leubeut ku kasang tukang pasantrén (ayeuna salian ti ngadosénan téh sapopoéna ulukutek di Pasantrén Suryalaya, Tasikmalaya) jeung rupaning pikiran ti papat madhab boh nu arkaik boh nu kadieunakeun. Dina enggoning ngamutalaahna, parabotna beunang disebutkeun masagi. 

Béda jeung umumna kailaharan urang Sunda kiwari nu leuwih karasa semet capétang dina ucapna, tulisan-tulisan Asép nu dikumpulkeun dina ieu buku (saméméhna kungsi dipublikasikeun dina sababaraha surat kabar) ngasongkeun pameredih kana udagan nyaluyukeun atawa ngantétkeun antara niat, ucap jeung lampah. Sanajan siga basajan tapi dina prakprakanana mah tétéla henteu gampang. 

Lantaran awalna mangrupa tulisan dina surat kabar, tangtu wé katalian ku samporétna lahan. Salasahiji mamalana, pikiran-pikiran nu kuduna leuwih laluasa ngambah ka jabaning langit téh, kapaksa kudu dipungkas dina léngkah nu masih kénéh ngahudang kapanasaran. Upamana waé nu patalina jeung tapsir Utuy Tatang Sontani ngeunaan Si Kabayan jeung Sangkuriang. Cék Utuy harita, Si Kabayan téh jirim nu geus teu nanaon ku nanaon, ari Sangkuriang sabalikna, ieu mah masih kénéh nanaon ku nanaon. 

Jengléngan jirim-jirim simbolik saperti kitu, sawadina ulah waka dipungkas nepi ka dinya. Anu salawasna matak ngahudang kapanasaran téh, kumaha jengléngan jirimna dina patalina jeung kakiwarian. Naha wangwangan jirim Si Kabayan jeung Sangkuriang sakumaha tapsiran Utuy kitu téh bakal bisa diadumaniskeun atawa malah henteu kudu dipateungteungkeun? Lantaran ceuk implengan salancar, antara jirim nu nanaon jeung jirim nu teu nanaon téh aya lolongkrang lega anu misahkeunana. 

Lebah napsirkeun carita pantun Mundinglaya di Kusumah gé aya kapanasaran anu masih kénéh ngambang. Ngapungna Mundinglaya ka jabaning langit nu disilibkeun kana miraj Kangjeng Nabi lamun nilik kana jalan caritana mémang sajalan tapi tina sawangan anu leuwih jauh teu mustahil bakal problématik. Aspék mistis dina carita Mundinglaya pikeun sawatara kalangan mah geus kabuktian bisa jadi sumber ilham anu natrat. Lagu-lagu papantunan dina tembang cianjuran upamana, mataholangna téh ngait kana pantun Mundinglaya. Ungkara nagara Muarabérés upamana bisa jadi rujukan tapsir ngeunaan nagara anu tiis tingtrim, malah wangwanganana leuwih mistis batan gemah ripah loh jinawi atawa gemah ripah répéh rapih. 

Dina tulisan-tulisanana Asép ogé mindeng nyebut jeung nyutat dangding-dangding Hasan Mustapa. Nepi ka ayeuna Hasan Mustapa téh ditempatkeunana dina kalungguhan supi jeung pilosop Sunda. Hasan Mustapa beunang disebutkeun geus hatam boh dina perkara kasundaan (kaasup adat, kapaercayaan jeung kabiasaanana) boh dina urusan kaislaman.  

Malah aya anu nyebutkeun perkara Sunda jeung Islam téh dina diri Hasan Mustapa mah geus gumulung jadi hiji. Dina dangding-dangdingna ogé kecap-kecap Sunda téh loba paselup jeung kecap-kecap Arab, babakuna anu sumberna tina Quran, Hadis jeung tasawup. Lantaran tarékatna Satariyah, posisi Hasan Mustapa nenggang (solitér), béda jeung Abah Sepuh anu ngadegkeun pasantrén, sanajan Hasan Mustapa jeung Abah Sepuh kungsi babarengan nyantri di Bangkalan, Madura. Hanjakal niat Asép Salahudin anu tadina keyeng arék medar karya-karya Hasan Mustapa pikeun bahan disértasi doktoralna henteu tinekanan lantaran kandeg ku sawatara alesan. 

Sabada maca ieu buku anu mangrupa kumpulan tulisan Asép Salahudin nu kandelna ampir 400 kaca téh ngahudang rupa-rupa kapanasaran, babakuna nu aya patalina jeung Sunda, Islam katut kasundaan jeung kaislaman kiwari. Naon sababna kabeungharan batin urang Sunda nu sakitu ceuyahna téh cukup ku diantep sina remeng-remeng. Niatna geus mindeng kadéngé, komo deui lebah ucapna mah teu kurang-kurang nu capétang. Anu tacan pati karasa nembrakna téh dina lebah lampahna. (ABDULLAH MUSTAPPA, wartawan senior).  


Sumber: HU Pikiran Rakyat


Tue, 23 Jan 2018 @20:17

Copyright © 2018 Misykat · All Rights Reserved