Minat beli buku klik covernya
image

 

AUDIO KAJIAN ISLAM

KATALOG Kajian Islam
image

.

TATA CARA SHALAT

Pustaka (Buku PDF Gratis)
image

 

Sabada Pupus Nabi, Saha Anu Janten Otoritas Agama?

image

Eces dina sajarah pulitik urang Islam sabada pupus Nabi Muhammad saw, henteu aya katangtuan anu jelas perkawis netepkeun pamingpin. Kitu oge ngeunaan otoritas na agama Islam, anu peryogi pisan dijantenkeun uswah ku umat jeung tempat keur patarosan sagala anu patali sareng kaislaman. Urusan kapamingpinan sareng otoritas penting pisan keur nanjeurkeun agama Islam. Nabi Muhammad Saw harita salaku otoritas agama oge salaku pamingpin nagari. Anjeuna uswah na agama jeung kahirupan urang Islam anu munggaran. 

Mun nilik kana konsep kanabian dina kapamimpina umat saleresna ditantoskeun ku Allah. Allah nangtukeun saha anu kedah janten Rasul sareng Nabi. Kangjeng Nabi Muhammad saw ditangtoskeun janten Nabi akhir zaman anu hartina henteu aya deui Nabi dugi poe Kiamat. Kusabab Nabi parantos pupus sareng pungkasan sakedah na urang Islam gaduh pamingpin anu dirujuk dina urusan agama Islam jeung conto na kahirupan. Sabab dunya acan Kiamat anu ngandung hartos masih keneh aya manusa anu kumelendang di dunya. Tangtos kedah aya anu ngaping dina urusan agama. Kedah aya otoritas agama sahandapeun Nabi jeung Rasul. Tangtos jalma anu dipasihan otoritas moal jalma samanea. Lamun henteu aya otoritas dina ajaran agama Islam; anu fungsina ngaping urang Islam supados luyu jeung agama jeung urang sadaya henteu sasar dina ngajalankeun agama Islam. 

Lamun ngandelkeun Al-Quran hungkul, urang henteu tiasa murak eusi kitab suci anu maksudna luyu sareng ti Allah Ta'ala. Kedah aya anu ngajelaskeun dina perkawis tafsir al-Quran anu biasana numutkeun riwayat Rasulullah saw teras kulawargi Nabi (Ahlulbait) jeung katerangan sohabat. Ngan orokaya khazanah kaelmuan urang Islam anu awam kirang pisan dina urusan tafsir al-Quran jeung dina hadis Rasulullah saw. Kedah aya anu tiasa anu ngajelaskeun eta maksad hadis (syarah) jeung maksad eusi Al-Quran anu ayat-ayatna. Ngan saha jalmina anu tiasa negeskeun eta syarah sareng tafsir anu didugikeun luyu jeung maksad Allah Ta'ala miwah Rasulullah saw? 

Urang Islam anu mazhabna Syiah Imamiyah (Ahlulbait) ngangkeun Ahlulbait anu duawelas jalmi janten otoritas ajaran Islam (marjaiyyah fiddin). Tikawit Bagenda Ali bin Abu Thalib dugi Imam Mahdi Al-Muntazhar anu kiwari nuju gaib. Imam Mahdi nuju diantos kahadiranna ku urang Islam anu mazhabna Syiah. Saurna mun hadir Al-Mahdi maka dunya sakedap deui bakal Kiamat. 

Urang Islam anu mazhabna Syiah ngarujuk hadis sareng riwayat anu mutawatir jeung soheh yen ‘Ali bin Abu Thalib sareng sawelas katurunan ti Sayidah Fathimah anu parantos dipasihan wewenang (otoritas) janten Imam anu ngabimbing umat Islam dugi akhir zaman. Kangjeng Nabi nyalira anu netepkeun Imam Ali dugi Imam Mahdi salaku imam anu kedah janten rujukan urang Islam dina sual kaagamaan (marjaiyyah fiddin). Janten numutkeun urang Syiah otoritas dina ajaran agama Islam parantos ditangtoskeun dumasar kana nash atawa dalil ti Rasulullah saw. Riwayat anu dijantenkeun dalil nyaeta hadis tsaqalain, ghadir khum, hadis intidzar jeung duawelas khalifah atanapi amir ti Quraisy, jeung sajabina. Imam anu duawelas ti 'Ali dugi Mahdi posisina rujukan dina kaagamaan. Jalaran nuju gaib Imam Mahdi maka urang Islam anu mazhabna Syiah cekap taqlid ka ulama Syiah anu ngolotok dina kaelmuan agamana. Ulama ieu disebatna Mujtahid atanapi Marja Taqlid. Gelarna Ayatullah Udzma (Grand Ayatollah) di Iran, Iraq, jeung Lebanon. 

Pedaran anu diluhur eta ngeunaan otoritas ajaran agama Islam numutkeun mazhab Syiah. Sedengkeun numutkeun Ahlus Sunnah mah otoritas kaagamaan ayana di para sohabat jeung garwa Kangjeng Nabi Muhammad Saw katut kulawargina (Ahlulbait). Numutkeun urang Sunni anu kedah dijantenkeun rujukan dina agama sabada Rasulullah Saw diantawisna sohabat, garwa Nabi, sarta Ahlulbait. Saterasna urang Islam sabada jaman sohabat, ngarujuk dina kaagamaan ka ulama-ulama anu diajar ka sohabat, garwa Nabi, sareng Ahlulbait. Ulama ieu diantawisna Abu Hasan Asyari, Al-Juwaini, Al-Maturidi, Abu Hamid Al-Ghazali, Fakhrudin Arrazi, Abu Hanifah, Malik bin Anas, Ahmad bin Hanbal, Muhammad bin Idris Asy-Syafii (Imam Syafii), Ibnu Hajar Asqalani, Ibnu Rusyd, Abu Dawud Dzahiri, jeung sajabina.

Saterasna jaman modern dugi kontemporer mah anu disebat ulama Ahlus Sunnah nyaeta Muhammad Abduh, Rasyid Ridha, Jamaluddin Afghani, Ahmad Thayyeb, Ali Jumuah jeung sajabina. Anu di nagari Indonesia diantawisna Hasyim Asyari, Habib Luthfi bin Yahya, Muhammad Quraish Shihab, Ahmad Musthafa Bisri, Said Aqil Siradj jeung sajabina. Eta ulama-ulama anu dijantenkeun rujukan dina kaagamaan keur urang Islam anu mazhabna Ahlus Sunnah. 

Salajengna kaum sufi (tarekat) dina rujukan agama sami bae sareng Ahlus Sunnah. Dina runtuyan guru (mursyid) anu pangluhurna sateu acan ka Rasulullah saw aya Imam-imam mazhab Syiah. Sapertos Imam 'Ali, Al-Hasan, Al-Husen, Ali Zainal Abidin, Muhammad Baqir, Jafar Shadiq, Musa Kazhim dugi Ali Ridha. Teras bae lungsurna ka guru-guru sufi anu kawentar sapertos Abu Mansur al-Hallaj, Abu Yazid Busthami, Al-Junaid Bagdadi, Imam Haramain, Imam Athaillah, Abdul Qadir Jaelani, Syaikh Tijani jeung sajabina anu teras bae dugi ka mursyid-mursyid (ulama anu mimpin tarekat) di nagari urang. Saurna mah Walisongo anu di Jawa sareng Sunan-sunan di Tatar Sunda ti golongan sufi, anu nyebarkeun agama Islam make cara budaya jeung laku lampah akhlaqul karimah. Dugi ayeuna tapakna tiasa katingal ku urang dina adat istiadat sareng kabudayaan Islam di masyarakat.

Janten mun ditafakuran mah, sadaya urang Islam anu mazhabna Syiah atanapi Sunni sareng kaum sufi, sami bae ngarujuk ka ulama-ulama anu dipercanten dina kaelmuan sareng kaahlian dina widangna masing-masing. Sasuai sareng hadis ti Rasulullah Saw anu riwayatna At-Tirmidzi ti Abu Darda ra disebatkeun: al-ulama warasatul anbiya.*** (Ahmad Sahidin)

Tue, 26 May 2020 @07:07

Copyright © 2020 Misykat · All Rights Reserved