Minat beli buku klik covernya
image

 

AUDIO KAJIAN ISLAM

KATALOG Kajian Islam
image

.

TATA CARA SHALAT

Pustaka (Buku PDF Gratis)
image

 

Naha Maneh Maca Buku?

image

Naha maneh maca buku? Tah eta patarosan anu dugi ka simkuring. Ngan teu diwaler sarius. Ukur diwaler: ngarah aya kagiatan anu manfaat jeung nambih elmu. Kitu bae waleran simkuring. Buku anu diaos ku simkuring anu citak. Sanajan aya anu digital (pdf atanapi online), tapi maca buku citak langsung geunah dibacana. Langkung tiasa disoretan lambar buku anu keur kuring kedah janten lenyepaneun atanapi anu kedah diguar deui. 

Ngeunaan buku citak jeung digital kantos guntreng na facebook. Aya jalmi anu keukeuh yen maca digital langkung praktis jeung merenah keur diajar mah. Kitu cenah. Keur kuring mah anu geunah mah maca buku citak. Ngan bae tetep manehna ngadalil kaditu kadieu. Diantep bae henteu diwaler deui. Cape ngobrolna.

Simkuring kalebet anu resep kana maca buku. Ngan buku anu diaosna anu aya kakaitan na sareng ilmu kalam (teologi), filsafat, sarta sajarah Islam. Aya hiji bagean tina ilmu kalam anu diaos husus, nyeta perkawis paham ageman Islam mazhab Syiah anu kawentar disebat Ahlulbait. Ngan hanjakalna dugi kiwari kuring teu ngartos bae kana eta mazhab. Tapi teras bae dibaca buku-buku ngeunaan mazhab Syiah anu ilmiah. Boh ti ulama Syiah atanapi riset ilmiah anu kaluar ti universitas. Pidu'ana bae ti sadayana. Rumaos kirang elmu. Kumargi kitu kuring mah teu wantun ngobrolkeun ngeunaan mazhab Syiah. Kantos dur deur na medsos. Ngan ahir nah mah janten pasea bae ngomongkeun mazhab teh. Eta teh ngobrol na jeung jalmi anu kawilang sakola master. Ari ngeunaan mazhab mah sesah diyakinkeun ka batur.   

Teras filsafat anu dugi kiwari diaos sanajan hese ngartina nyeta filsafat sajarah. Hanjakalna di urang buku filsafat sajarah teu acan seueur anu nyerat, sareng tarjamahna oge langka. Aya dugi opat buku anu diserat ku bangsa urang (Indonesia) anu ku simkuring kantos diaos. Filsafat sajarah ti ulama jeung cendekiawan Islam oge henteu acan aya anu diserat sacara husus. Muhammad Baqir Shadr, Ali Syariati, jeung Murtadha Muthahhari kawilang anu parantos nyerat ngeunaan filsafat sajarah anu dumasar kana ajaran Islam. Ngan henteu ngahususkeun kana widang filsafat sajarah. Aranjeuna ngan ngaitkeun bae kana sajarah sacara teoritis jeung analisa kajadian sajarah anu tiasa disebat analisa filsafat sajarah.  

Dina perkawis sajarah, anu diaos ku simkuring nyeta ti mimiti Sirah Nabawiyah (langkung geunah nyebat Tarikh Nabi), sajarah kulawarga Nabi, sajarah ngeunaan khulafa rasyidun, katut ulama-ulama Islam jeung sajarah karajaan Islam di Timur Tengah dugi ka lebetna Islam di Tatar Sunda. Anu sanesna henteu acan kapuluruh. Henteu acan aya minat kanggo ngahususkeun. Keun bae sugan isuk jaganing geto kasampeur. Manawi aya umur. 

Salian ti eta, anu diaos teh buku-buku perkawis palajaran agama anu diwulangkeun ka murangkalih sakola. Perkawis ahlaq sareng fiqih nu biasana diajarkeun ka barudak. Dina daras ngeunaan fikih, simkuring cekap maos buku Bidayatul Mujtahid yasana Ibnu Rusyid. Buku ieu kawilang cekap kanggo ngaguar paham-paham fiqih kalebet bedana unggal mazhab fiqih dina ngabahas perkawis ibadah sareng muamalah. Sabab dina buku Ibnu Rusyid mah dibahas fiqih langkung ti opat mazhab.  

Perkawis ahlaq, simkuring cekap mukaan buku-buku karya Ibrahim Amini, Sayyid Muhammad Husain Fadhlullah, Sayyid Mujtaba Musawi Lari, S.M. Suhufi, Abu Hamid Al-Ghazali sareng carita-carita Jalaluddin Rumi jeung para sufi anu lianna. Kitu oge buku-buku sapertos Hadis Arbain anu disusun Imam Nawawi jeung Nahjul Fashahah anu disusun Abulghasim Payande, teras Asy-Syamail Muhammadiyyah yasana Imam Tirmidzi. Tah tilu buku eta biasana diaoskeun ka murangkalih di sakola jeung madrasah. Ukur dibacakeun. Teras bae barudak piwarang ngaregepkeun sarta tiasa nyandak mangfaat tina buku anu dibacakeun ku simkuring.  

Ngan ukur sakitu anu janten referensi kuring mun dina ngajarkeun pengajaran agama ka barudak sakola jeung madrasah. Anu sanesna mah kantun mukaan buku hadis sareng Al-Quran. Mun diburu-buru mah kuring ukur mukaan google hungkul. Kitu laku sok dilakonan mun kapaksa kudu janten hotib dina ibadah sholat jumaah. Biasana anu geus dijadwal sok euweuh. Kapaksa kuring ngabadalan. 

Ari kiwari mah tambih bacaan. Lain hungkul anu disebatkeun di luhur. Malihan mah buku-buku anu disebatkeun diteundeun heula. Sabab aya bacaeun anu langkung kedah muru waktu. Nyeta buku-buku ngeunaan tiori-teori sareng metodologi sajarah, ilmu sosial humaniora, hermeneutika, filsafat sajarah, sareng aosan sejarah katut kabudayaan. Rada beurat macana. Sesah pahamna. Jaba bukuna karandel. Kitu deui buku-buku ngeunaan teologi anu kawitna disertasi. Anu kitu mah langsung bae diaos dugi tamat sangkan kenging elmu. Sanajan teu ngarti dipaksakeun bae dikeureuyeuh. Lieur oge teras bae diaos. Ngarti teu ngarti tuluy bae diaos ti awal dugi panungtung. 

Dugi kiwari kuring dipaksa ku diri nyalira sangkan maca buku. Malihan mah minggon ieu aya tilu buku anu kedah diaos. Anu kahiji ngeunaan teori revolusi sareng parobihan sajarah. Kadua ngeunaan hermeneutika salaku elmu bantu kanggo sajarah. Tah anu katilu mah perkawis tiori strukturisme dina elmu sajarah. Ngan hanjakal henteu ngarti bae. Rupina kuring mah bodo hese ngartina. Leres-leres henteu aya anu nempel dina uteuk kuring. Janten henteu acan bae nyerat ngeunaan eta. Nyuhunkeun pidu'ana mugi aya pancerahan kanggo kuring anu bodo dina kaelmuan. Insya Allah bade teras dikeureuyeuh bae macaan buku. Sabab ngan eta kegiatan anu kiwari tiasa dilakonan. Sugan bae kenging elmu jeung barokahna. Pan aya paribasa: cikaracak ninggal batu, laun-laun oge legok. 

Kungsi aya anu naros ka kuring. Naha maca buku? Sanes atos paham jeung ngarti kana elmu anu diwulangkeun ka barudak? Kuring ngan imut bae ka anu naros kitu. Kuring surti yen maca buku kiwari kawilang langki sareng henteu janten tradisi, boh murid atanapi guru.

Anu kiwari janten tradisi mah ngoprek handphone, macaan satatus media sosial jeung maenkeun game-online. Jigana maca buku mah kawilang kagiatan jalma heubeul jeung diangkeunna ngan meakeun waktu. Kuring ngan ukur ngawaler ngarah aya kagiatan bae. Hoream ngajentrekeun manfaat maca buku ka jalma anu henteu beuki maca buku. Keun bae isuk jaganing geto mugi aya iber ngeunaan elmu jeung manfaaatna ka manehna.

Keur kuring mah maca buku tiasa disebat ngalakonan parentah Allah Ta’ala anu dina surah Al-Alaq ayat hiji disebatkeun “iqro”. Tah eta oge cekap janten dalil kuring maca buku. Keur kuring mah “iqro” teh ngeunaan elmu anu kedah disiar, kedah dikumpulkeun, kedah janten pituduh kahirupan manusia di dunya miwah aherat. Elmu kiwari mah kedah diaos tina sarupaning referensi buku jeung media sanesna. Ngan anu utami mah buku. Media sosial atanapi internet oge nyampak. Ngan anu kawilang munel mah buku. Komo deui buku-buku anu ilmiah sapertos hasil panalungtikan tesis jeung disertasi sarta riset ilmiah ti lembaga anu ahli na widangna.

Allahumma Shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala Aali Sayyidina Muhammad. Allahumma Shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala Aali Sayyidina Muhammad. Allahumma Shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala Aali Sayyidina Muhammad

Nun Gusti Nu Ngagaduhan Elmu, kucurkeun kana manah sareng uteuk simkuring sadaya elmu anu kiwari diperyogikeun sareng anu manfaat keur kuring jeung balarea.

Nun Gusti, mugi tiasa digampilkeun dina ngulik sareng mahamkeun kaelmuan anu keur dileukeunan kiwari. Nun Gusti tambihkeun kuring sakulawargi na rezeki sangkan tentrem jeung bagja dina ngalakonan hirup kiwari. Aamiin Ya Robbal ‘alamiin. ***  (ahmad sahidin)

 

Thu, 25 Jun 2020 @20:06

Copyright © 2020 Misykat · All Rights Reserved